Fimin#Gening#
Hiji wanoja bubureuyeungan leuwih nandeskeun sikepna , yén kandunganana
hayang dibedél peuting ayeuna, pas tanggal 17 Agustus. Tim dokter
keukeuh teu panuju, da kakandunganana karék nincak tujuh bulan.
“Kunaon, Bu..palay direuah-reauh ku sakabéh warga Indonesia, sanés?” tanya saurang dokter bari seuri maur.
Ditanya kitu téh lain ngajawab, tapi kalah ka merebey cipanona kaluar.
Sanggeus badami, ahirna Tim dokter nyanggupan. Lima jam ti harita bray
panona beunta. Tuluy manehna luak-lieuk. Sanggeus kumpul pangacian
manehna langsung maksakeun leumpang bari totolonjongan muru kamar orok.
Tuluy orokna diais. Lain, lain rék kabur. Tapi tuluy asup ka kamar
ICCU. Bari nahan kanyeri manehna ngarayap muru ka hiji lalaki nu keur
koma di luhur ranjang. Tuluy ngaharewos bari ngagolerkeun orokna dina
dada eta lalaki.
“Kang, ieu puputon urang…”
Lima menit ti harita garis ngaganteng, bari disada dina layar monitor eta lalaki.