Jumat, 03 Februari 2012

Fimin#Gening#
Hiji wanoja bubureuyeungan leuwih nandeskeun sikepna , yén kandunganana hayang dibedél peuting ayeuna, pas tanggal 17 Agustus. Tim dokter keukeuh teu panuju, da kakandunganana karék nincak tujuh bulan.
“Kunaon, Bu..palay direuah-reauh ku sakabéh warga Indonesia, sanés?” tanya saurang dokter bari seuri maur.
Ditanya kitu téh lain ngajawab, tapi kalah ka merebey cipanona kaluar.
Sanggeus badami, ahirna Tim dokter nyanggupan. Lima jam ti harita bray panona beunta. Tuluy manehna luak-lieuk. Sanggeus kumpul pangacian manehna langsung maksakeun leumpang bari totolonjongan muru kamar orok. Tuluy orokna diais. Lain, lain rék kabur. Tapi tuluy asup ka kamar ICCU. Bari nahan kanyeri manehna ngarayap muru ka hiji lalaki nu keur koma di luhur ranjang. Tuluy ngaharewos bari ngagolerkeun orokna dina dada eta lalaki.
“Kang, ieu puputon urang…”
Lima menit ti harita garis ngaganteng, bari disada dina layar monitor eta lalaki.